Selasa, 31 Januari 2017

CARPON TAMAN PAMEKAR

28. PANEN

Poe Saptu, kira-kira wanci tunggang gunung, Aman geus indit ti imahna rek milu meuting di sawah.
            Udi oge jeung Basar Marilu.
        Jalana ngahaja hanteu ka jalan torobosan, tapi mapay-mapay jalan biasa, bari nenjoan sawa pibuataeun nu batur.
            “Urang saruakeun jeung nu kuring,” cek Aman.
            “Cing baleuneur mana pare na?”
        “Duka ari beuneurna mah,” omong Basar, “ngan jigana ari pepelna mah, pepel keneh nu kuring.”
           “Naha? Tandurna oge ieu mah teu tandur jajar-tandur jajar acan.”
          “Da eta Aman mah jigana teu nyuguh. Geura ieu mah, tuh di juru, saung sanggarna meuni pepek eusina.
            Urang tempo, yu Man!
           Geura ieuh: endog, lauk cai, rurujakan, jawadah tujuh rupa, kembang warna tujuh, kalapa hejo, eunteung, menyan, sisir, minyak.”
            “Tahayul ceuk Apa mah eta teh, Sar. Apa oge nyuguh, malah mindeng deuih. Ti mimiti ngabaladah nepi ka tandur, nagarambet, panen. Tapi lain ka dedemit.”
            “Kasaha atuh?”
            “Ka mang Aja, ka Bi Aja, ka Unus jeung ka sarerea wae sakur nu migawe sawah. Mun bisa barang dahar cara jelema mah nyuguh teh ka panon poe jeung ka cai. Da eta nu galede gawena mah.”
            Teu kungsi lila jol barudak teh daratang ka sawah Aman.
            Unus buru-bur turun tina saung ranggon rek mapagkeun. Tayohna mah geus lila nyerangkeun ti luhur saung.
            “Can diapungkeun pepetengan teh, Nus? Cek Aman.
            “Teu acan. Engke wae sakedap deui, upami parantos ageung angina.”
            Wanci magrib barudak teh naraek kana ranggon. Unus nagenkeun teko dina anglo, rek nyeduh teh, Bubuy sampeu mah jeung guka geus sadia.
            Da puguh angin ngagelebug, barudak teh di harundum pabuni-buni. Aya nu sila tutug, aya nu ngadapang.
            Nepi ka pukul 10 mah ngalobrol bae barudak teh bari ngadengekeun hoangna sora pepetengan. Basar mah make beluk sagala.
            Kira-kira pukul 11 anu marelekan teh geus teu kecet-kecet acan, ngagaluher wae sarare talibra pisan, mararungkut disimbut gombal (bandingkut}.
            Isukna, isuk-isuk, di sawah geus pinih ku awewe, kolot budak nu rek gacong[1] (=sasangga sapocong).
            “Pek geura mimitian bae,” omong mang Aja.
            Der nu garacong teh paheula-heula dibuat.
            Rarikat pisan marakena etem teh, pagancang-gancang da hayang loba beubeunangana.
           Panon poe beuki luhur, panasna beuki moreret, tapi jiga nu teu pati dirasa tina resepna dibuat, bari tinghleuang karakawihan, salisindiran.

Aman oge milu ngawih:
                        Isukan kuring ka pasar,
                        Ka pasar rek milu kapat,
                        Itu euning ujang Basar,
                        Halisna meni ngajepat.
Ditema ku Basar:
                        Resep teuing tunggang delman,
                        Buntut kuda lalesota,
                        Resep teuing ujang Aman,
                        Nungtun nkuya heheotan.

         Dina keur manceran, sarerea reureuh heula, nareangan tempat anu ieuh, brak maruka bebekelan.
         Aman oge jeung sobatna ngariung di saung, milu balakecrakanjeung kolotna. Paronyoeun naker dalaharna teh.
         Sangu pulen, deungeuna beuleum jambal roti disisina rada tutung meueusan kulitna.
         Sanggeus ngareureuhkeun cape, prung deui nu dibaruat teh nuluykeunhancana.
Baralikna wanci asar, mani ngantay pairing-iring bari ngagandong babon, sawareh disuhun, aya oge nu di kelek.


[1] Milu dibuat, ngarah buruhan tina sasangga sapocong. Sasangga = 5 pocong.

Tidak ada komentar: