29. MENEURKEUN TALANG
“Aman, Aman, naha nya pancuran teh bet saat?” cek emana Aman.
Aman lumpat nyampeurkeun emana.
“Enya bae saat pancuran teh.”
“Jig papay jeung Unus ka girang, bisi aya nu lesot tumbuna!”
Aman jeung Unus pairing-iring mapay
talang ka girang.
Pancuran di tukangeun imah Aman teh
caina beunang ngocorkeun ti sawah rada jauh oge.
Ari talangna ku awi guluntungan
beunang noblongkeun ruasna tuluy di sambung-sambungkeun.
Dian sisi-sisi sambungana didedetan
ku tapas, supaya ulah bocor.
Lebah nu legok talang teh ditanggeuy
ku kuda-kuda ngarah ulah ngemplad.
“Unus, ulah leumpang mapay talang bisi beulah,” cek Aman.
“Naha atuh make ngocorkeun cai tinu jauh, Ieu susukan deukeut, tur caina sakitu gedena,” cek Unus.
“Hih ari Unus,” cek Aman,” ngocorkeun tinu jauh soteh, ngarah herang caina, Tuh gening cai susukan mah sakitu lecekna. Naha henteu geuleuh kukumah ku cai anu sakitu kotorna”?
Sabot silih tempas kitu, ana
seureuleu teh Unus tisoledat, blug labuh mani nangkuban.
“Bangkongna luncat!” cek Aman bari seuri, “naha atuh nincak nu leueur!”
Unus hudang bari jamedud, tuluy
nyusut-nyusutkeun dampal leungeuna kana tangkal cau. Baju jeung calana baraseuh
jeung kalotor.
“Bedul teh make tisoledat!” cek Unus kukulutus sorangan.
Teu jauh tidinya katembong cai
ngagolontor bijil tina tumbu talang. Manahoreng tumbuna lesot.
“Tah pigaweeun yeuh,” cek Aman, “paingan lesot, da kuda-kudana rubuh. Pek Nus uing nu ngangkat talangna, Unus nu menerkeun jodangna!”
Aman mani enggah-enggeh
ngajungjungkewun talang, Unus menerkeun jodangna nu ngagoler tea.
Jodangna ditangtungkeun, sot
talangna ku Mana dikeun kana jodang tea.
Ana golontor teh caina meneran pisan
ka Unus, atuh mani racucut.
“Ah goreng milik yeuh, tapi.................. keun bae ambeh engke sore teu kudu mandi,” omongna teh.
“Pek, Nus, ulah kapalang baseuh, tumbukeun kadinyah sakalian,” cek Aman.
Prak talangteh ku Unus ditumbukeun,
tuluy di sisi-sisina dijejelan ku tapas.
“Cing urang teang ka sungapanana!” cek Unus.
“Ah rek naon make terus ka girang pisan? Anggur urang balik deui bae, neang pancurana, geus ngocor atawa acan? Ongkoh Unus sakitu rancucutna!” tembal Aman.
Teu lila emana gegeroan: “Ngocor ayaeuna mah, Man!”
Aman jeung Unus pohara
barungaheunana, dumeh pagaweanana teu gaplah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar