Rabu, 08 Februari 2017

CARPON SUNDA TAMAN PAMEKAR | 30. HUJAN ANGIN

30. HUJAN ANGIN

            Dina hiji poe Aman kacida ngarasa lungsena datang ti sakola teh.
            Beungeutna beureum kawas nu di rerab bae. Awakna luut-leet kesang.
            Sorot panon poe karasana ku Aman beda ti sasari, harita mah panasna mani nongtoreng.
            Dangdaunan anu biasana ngemploh hejo katembomhna semu layu, sarta pinuh ku kekebul kawantu geus lila teu hujan.
            Sangggeus dadaharan, Aman, leos ka tepas hareup, goledag dina dipan bari ngahihidan awakna.
            Sihoreng lain jelema wae nu hareudangeun teh, dalah si Kukut jeung anak-anakna oge semu nu bayeungyang pisan, da buktina dahat-dohot bari elok-elokan neangan nu ieuh.
            Keur kitu jol Udi nyamperurkeun ka Aman bari ngomong, “Na aya panas pohara-pohara teuing, nya Man.”
            “Enya,” tembal Aman, “kuring mah teu kuat di baju-baju acan.”
            “Kawas poe kasedek, Man, mani teu aya angin,” omong Udi, bari ngagelehe milu ngagoler deukeut Aman.
            “Siga-siga rek hujan, Man, geura itu belah kidul mani mendung pihujaneun.”
            Aman cengkat, bari nenjo ka palebah nu ditunjuk ku Udi.
            “Enya bae Di, itu mega hideung mani nyuruwuk kitu majuna jeung itu buntut hujan mani ngulincir ka handap!”
            Teu lila sang Surya, nu tadina moncorong teh kalimpudan ku mega hideung, sarta reup angkeub.
            Hawa nu asalna panas nyongkab teh jadi tiis dibarengan ku angin ngahiliwir mani matak seger.
            Aman rap dibaju deui.
            Ti kajauhan kadenge sora guludug hawar-hawar, beuki lila beuki atra.
            Gurilap!........... beledag! Tarik pisan, dibarengan ku angin ngagelebug.
            Paralak hujan baradag.
            “Ah, rek balik Man, Ema bisi neangan,” cek Udi bari turun sarta berebet lumpat ka imahna.
            Hujan beuki lila beuki gede, di barung ku angin ngagelebug sarta gelap dordar.
            Isah jeung Ade norojol ti jero imah, nyampeurkeun ka Aman.
            “Eleuh hujan angin nya Man,” cek Isah, “tuh tangkal juar mani pepelenoyan, sieun peunggas wae Euceu mah, atawa rungkad.
            Hadena euweuh tatangkalan nu gede deukeut imah urang mah.”
            “Itu payung saha Cei Isah?” omong Aman bari nunjuk ka jalan.
            “Enya wae payung Siem katebak angin, mani gogoloncongan.” Bi Uti tukang rujak kanistren lumpat moro payungna bari gegeroan. “Payung kuring pangnewakeun!”
            Kawasna Bi Uti nincak logak nu rada jero, blug labuh, papakeana jibrug ku cileuncang.
            Jung nantung bari ngudag payungna.
            Barang geus katewak payungna, pok ngomong sorangan: “Teungteuingeun teuing hujan teh!”
            Barudak nu tiluan karunyaeun pisan ka Bi Uti; Isah ngageroan: “Bi Uti! Kadieu, ngiuhan tidieu!
            Teu lila hiuk deui angin tarik pisan, nyodok kana kenteng.
Borobot...........goprak..........! kenteng imah Mang Dira, aya puluhna nu katebak angin.
            Dahan kiambon jeung kihujan patingdorokdok pareunggas.
Gurilap!.......... . Beledag! Deukeut pisan kadengena teh.
“Astagfirullah!” cek Isah jeung Aman, bari nutupan ceulina, “beuneur gelap teh, kawasna beubeunangan.”
            Keur kitu aya nu ngagorowok, “Tangkal kalapa kahuruan!”...................
            “Sieun dibentar gelap! Sieun dibentar gelap!” omong barudak bari arasup ka jero imah.
Apana jeung Emana pahibut mener-menerkeun talang dapur, da bocor.
            Caina mani ngemplang sajeungkal deui hawu kakkeueum.
...................................................................................................................
            Teu lila hujan mimiti raat, sarta angin leler.
            Barang Aman nempo tina jandela ka jalan, Udi gugupay bari omongna: “Man, urang lalajo kalapa kabentar gelap, yu.”
            Aman turun di tuturkeun ku Ade, tuluy tiluan arindit ka kebon Pa Inan anu jauhna kira-kira aya 500 meter mah ti imah Aman.
            “Bejana gelap teh huntuan Di,” cek Aman.
            “Siga kumaha huntuna teh, Kang?” Ade nanya bari semu kaget.
            “Eta bae, cek mang Aja mah huntu gelap teh sok dipake paneker.”
            “Ah ade mah rek neangan huntuna, keur paneker Apa,” cek Ade
            Di pengkolan loba jelema nu keur ngaradekan dahan juar nu rungkad.
            Hadena bae teu ningan imah.
Keur kitu, Sulaeman batur sakelasna Aman nyampeurkeun bari ngomong; “Bejanamah Man, di sawah aya nu keur menerkeun cai, dibentar gelap, nepi ka tutung saluar awakna.
            Jeung di desa Cihanyir deuih, aya tangkal kalapa ninggang imah, malah nu ngeusiana oge katinggang.”
            “Karunya!” cek Aman.


1 komentar:

Agung mengatakan...

Duh langkung sae Aya gambar na atanapi Poto aslina taman pamekar, waas