31. PANINGGARAN JEUNG MENCEK
Bada, magrib,
sarengsena daladaharan, Pa Aman saanak-bojona ngariung di tengah imah.
Apana ber muka surat kabar, tuluy di baca, imeut pisan.
Ade ngarenghik ka
indungna, aya nu dipikahayang kwasna.
“Hayang naon Ade teh, make ngarenghik ka Ema?” cek Isah.
“ Eta hayanag jajan suuk ka jalan, sakieu keur hujan ngarincik teh.
Batur mah
taririseun, euweuh nu ngalanto-lanto acan ka jalan.”
“Kadieu De,” cek
apana bari nilepkeun surat kabar, “Urang ngadongeng anggursi!”
Ade nyamperkeun,
tuluy ngalende kana lahunan apana.
Aman jeung Isah
oge areureun macana, tuluy ngadeukeutan apana.
“dongeng naon,
Pa?” cek Ade.
“Dongeng
paninggaran jeun mencek.”
“Tukang bebedil,
aya ngbedil uncal, mencek, cangehgar jeung rea-reea deui.
Bareto apa boga
kawawuhan, Daslam ngarana.
Pagaweana jadi
paninggaran, Daslam bisa pisan ngabebedilna teh.
Unggal tas
bebedil, tara lengoh ai balik teh. Kudu bae beubeunangan, aya tikukur,
cangehgar, malah kungsi meunang mencek.
Bapa oge ai poe
Minggu sok milu bebedil jeung manehna, itung-itung pelesiran, tamba kesel di
imah.
Dina hiji poe, poe
Minggu harita teh, Bapa di ajak deui ku manehna ka leuweung rek moro mencek
cenah.
Kira-kira pukul
5.3, bada subuh, Bapa geus disampeur.
Bebekelan kayaning
timbel jeung deungeuna geus disadiakeun ku Ema, da ari bebedil sok sapoe jeput,
sakapeung mah wanci magrib atawa isa kakara datang ka imah.
Bral Bapa jeung
Mang Daslam arindit. Kira wanci haneut moyan kakara nepi ka Pasir Uncal.
Ti
lebah dinya mimiti jalana rada rumpil ku saliara, mani kudu
disingray-singraykeun.
Bapa ngiclik wae
nuturkeun pandeuri.
Keur jongjon
leumpang, bet aya nu ngagarapak tina rungkun, hiber kana tangkal saninten.
Mang Daslam
nagrandeg sakeudeung, nagdengekeun nu ngarapak tea.
“Kasintu,” cenah,
“cicing ulah obah!”
Bapa cingogo;
Mangdaslam masang bedilna, tuluy ngeceng . . . . . . . . Beledag! . . . . . . . . haseupna kaluar tina
kucubung bedil.
Garapak kasintu
gagarapakan, gebut ragarag tina dahan kai. Beunang jangjjangna pisan jeung sukuna
mani remuk.
“Eh watir!” cek
Bapa dina hate.
Sanggeus kasintu
diasupkeun kana endongna, tuluy neruskeun deui perjalanan.
Ari nu dijugjug
Pasir Angin, sabab aya tidinya tempatna uncal jeung mencek teh, cenah.
Teu kanyahoan
nyerelekna panon poe, ari Bapa tanggah kaluhur manahoreng geus tengah poe, Bapa
geus ngarasa lapar jeung halabhab.
Jog anjog ka
sampalan nu jukutna ngemploh hejo.
Bapa jeung mang
Daslam tuluy reureuh handapeun tangkal gede,, brak bebekelan teh dibuka.
Timbelna dipurak,
deker dalahar nimat pisan.
Deungeuna sambel
muncang, tespong jeung seupan daun lejet.
Laukna pindang
beunang ngagoreng.
Sabot keur jongjon
dahar, aya nu ngorosak belah katuhu, aya opat puluh metermah anggangna ti
tempat Bapa.
Mang Daaslam
nyokot bedilna, tuluy ngawas-ngawas kanu ngorosak tea.
Bapa reg eureun
daharna teh, milu ngadengekeun.
Korosak deui, aya
nu ngorosak, tetela sato rada gede. Kira-kira
aya satengah jam Bapa jeung Mang daslam gadedempes handapeun kai.
Keur kitu torojol
anak mecek sagede anak embe Mang Aja, nu umurna kira-kira aya tilu minggu mah.
Mang Daslam geus
menerkeun bedilna rek ngeceng.
Teu kungsi lila,
jol deui norojol mencek nu gede,
indungna tayohna.
Indung mnecek
nyampeurkeun ka anakna, sarta tuluy disusuan. Geus kitu tuluy di letakan, semu
nu pohara deudeuhna ka anak, bleh wae Ema keur ngusapan Ade.
Mang Daslam
ngadadak teu walakaya rek ngabebaskeun bedilna teh.
Leungeuna semu
ngadegdeg, blug bedilna ragrag.
Panona rambisak
pinuh ku cipanon.
Ku Bapa ditanya
lalaunan, naon sababna teu tulus ngabedilna. Teu nembalan ngan gogodeg bae.
Lila pisan Bapa
jeung Mang Daslam nenjokeun pamolah indung mencek jeung anak na teh.
Geus kitu mah
Daslam tuluy bae ngajak balik, sarta paromanana semu nu ngangres.
Dijalan
manehna nyaritakeun pamajikanan anu geus maot, ningalkeun anakna nu umurna
kira-kira dua taun.
Pisakumahaeun
teuing watirna lamun indung mencek atwa anakna di bedil.
Ti harita Mang
Daslam tara bebedil deui, malah bedilna oge sapuratina dijual ka tatanggana.”
Aman jeung Isah
tingharenghap. Cek Isah. “Karunya nya, upami teras dibedil. Meureun anak mencek
teh teu bogaeun indung.”
“Kumaha lamun Ema
teu aya, nya Pa?” cek Ade, “meureun ade moal aya nu masihan artos.”
“Mana oge, ulah
sok ngarenghik, bisi Ema teu aya,” tembal apana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar