Kampak Katinggang ku patlot
Para lega weleh keuna,
Barufak nu meungpang ka kolot
Tara jamuga akhhirna.
Para lega weleh keuna,
Barufak nu meungpang ka kolot
Tara jamuga akhhirna.
Salak nu atah keur obat
Jamu jampang obat cangkeul,
Budak dititah teu sholat
Nu kitu meunang di teunggeul.
Kampak palu jeung ragaji
Dekol muka na wadahna,
Barudak nu tara ngaji
Bakal cilaka akhirna.
Melak tunggul jadi hiji
Miceun kored kanu surak,
Budak kedul tara ngaji
Rajeun daek dibuburak.
Mana peso rek diasah
Teu katingali ku mata,
Jalma poho ka madrasah
Pedah geus kunsi ka kota.
Paralak hujan ayeuna
Rincik-rincik tingjaleger,
Barudak jaman ayeuna
Leutik-leutik geus bareger
Badak meong ti Cisela
Nincak haur mapay hoe,
Budak baong ti sakola
Osok kabur unggal poe.
Botol enteh kokakola
Diserotna dina tukung,
sing getol maneh sakola
Geus kolot mah sok kaduhung.
Hayang ngising ka Citanduy
Aya cah heunteu tulus,
Lamun ngjai heunteu tuluy
Bakal pisah jeung nu alus.
Mun heula nyekel didinya
Pasti nu sok kateunggeul urat,
Sakola bekel di dunya
Ngajimah bekel akherat.
Kaleci eukeur kokojo
Nu hiji mahtina lilin,
Kabeuki ukur lalajo
Tara ngaji mindeng ulin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar