28. PANEN
Poe Saptu, kira-kira wanci tunggang gunung, Aman geus indit ti
imahna rek milu meuting di sawah.
Udi oge jeung Basar Marilu.
Jalana ngahaja hanteu ka jalan
torobosan, tapi mapay-mapay jalan biasa, bari nenjoan sawa pibuataeun nu batur.
“Urang saruakeun jeung nu kuring,” cek Aman.
“Cing baleuneur mana pare na?”
“Duka ari beuneurna mah,” omong Basar, “ngan jigana ari pepelna mah, pepel keneh nu kuring.”
“Naha? Tandurna oge ieu mah teu tandur jajar-tandur jajar acan.”
“Da eta Aman mah jigana teu nyuguh. Geura ieu mah, tuh di juru, saung sanggarna meuni pepek eusina.
Urang tempo, yu Man!
Geura ieuh: endog, lauk cai,
rurujakan, jawadah tujuh rupa, kembang warna tujuh, kalapa hejo, eunteung,
menyan, sisir, minyak.”
“Tahayul ceuk Apa mah eta teh, Sar.
Apa oge nyuguh, malah mindeng deuih. Ti mimiti ngabaladah nepi ka tandur,
nagarambet, panen. Tapi lain ka dedemit.”
“Kasaha atuh?”
“Ka mang Aja, ka Bi Aja, ka Unus jeung ka sarerea wae sakur nu migawe sawah. Mun bisa barang dahar cara jelema mah nyuguh teh ka panon poe jeung ka cai. Da eta nu galede gawena mah.”
Teu kungsi lila jol barudak teh
daratang ka sawah Aman.
Unus buru-bur turun tina saung
ranggon rek mapagkeun. Tayohna mah geus lila nyerangkeun ti luhur saung.
“Can diapungkeun pepetengan teh, Nus? Cek Aman.
“Teu acan. Engke wae sakedap deui, upami parantos ageung angina.”
Wanci magrib barudak teh naraek kana
ranggon. Unus nagenkeun teko dina anglo, rek nyeduh teh, Bubuy sampeu mah jeung
guka geus sadia.
Da puguh angin ngagelebug, barudak
teh di harundum pabuni-buni. Aya nu sila tutug, aya nu ngadapang.
Nepi ka pukul 10 mah ngalobrol bae
barudak teh bari ngadengekeun hoangna sora pepetengan. Basar mah make beluk
sagala.
Kira-kira pukul 11 anu marelekan teh
geus teu kecet-kecet acan, ngagaluher wae sarare talibra pisan, mararungkut
disimbut gombal (bandingkut}.
Isukna, isuk-isuk, di sawah geus
pinih ku awewe, kolot budak nu rek gacong[1]
(=sasangga sapocong).
“Pek geura mimitian bae,” omong mang Aja.
Der nu garacong teh paheula-heula
dibuat.
Rarikat pisan marakena etem teh,
pagancang-gancang da hayang loba beubeunangana.
Panon poe beuki luhur, panasna beuki
moreret, tapi jiga nu teu pati dirasa tina resepna dibuat, bari tinghleuang
karakawihan, salisindiran.
Aman
oge milu ngawih:
Isukan kuring ka pasar,
Ka pasar rek milu kapat,
Itu euning ujang Basar,
Halisna meni ngajepat.
Ditema
ku Basar:
Resep teuing tunggang
delman,
Buntut kuda lalesota,
Resep teuing ujang Aman,
Nungtun nkuya heheotan.
Dina keur manceran, sarerea reureuh
heula, nareangan tempat anu ieuh, brak maruka bebekelan.
Aman oge jeung sobatna ngariung di
saung, milu balakecrakanjeung kolotna. Paronyoeun naker dalaharna teh.
Sangu pulen, deungeuna beuleum
jambal roti disisina rada tutung meueusan kulitna.
Sanggeus ngareureuhkeun cape, prung
deui nu dibaruat teh nuluykeunhancana.
Baralikna
wanci asar, mani ngantay pairing-iring bari ngagandong babon, sawareh disuhun,
aya oge nu di kelek.