Kamis, 09 Februari 2017

CARPON SUNDA TAMAN PAMEKAR | 31. PANINGGARAN JEUNG MENCEK

31. PANINGGARAN JEUNG MENCEK

            Bada, magrib, sarengsena daladaharan, Pa Aman saanak-bojona ngariung di tengah imah.
Apana ber muka surat kabar, tuluy di baca, imeut pisan.
            Ade ngarenghik ka indungna, aya nu dipikahayang kwasna.
“Hayang naon Ade teh, make ngarenghik ka Ema?” cek Isah.
“ Eta hayanag jajan suuk ka jalan, sakieu keur hujan ngarincik teh.
            Batur mah taririseun, euweuh nu ngalanto-lanto acan ka jalan.”
            “Kadieu De,” cek apana bari nilepkeun surat kabar, “Urang ngadongeng anggursi!”
            Ade nyamperkeun, tuluy ngalende kana lahunan apana.
            Aman jeung Isah oge areureun macana, tuluy ngadeukeutan apana.
            “dongeng naon, Pa?” cek Ade.
            “Dongeng paninggaran jeun mencek.”
            “Tukang bebedil, aya ngbedil uncal, mencek, cangehgar jeung rea-reea deui.
            Bareto apa boga kawawuhan, Daslam ngarana.
            Pagaweana jadi paninggaran, Daslam bisa pisan ngabebedilna teh.
            Unggal tas bebedil, tara lengoh ai balik teh. Kudu bae beubeunangan, aya tikukur, cangehgar, malah kungsi meunang mencek.
            Bapa oge ai poe Minggu sok milu bebedil jeung manehna, itung-itung pelesiran, tamba kesel di imah.
            Dina hiji poe, poe Minggu harita teh, Bapa di ajak deui ku manehna ka leuweung rek moro mencek cenah.
            Kira-kira pukul 5.3, bada subuh, Bapa geus disampeur.
            Bebekelan kayaning timbel jeung deungeuna geus disadiakeun ku Ema, da ari bebedil sok sapoe jeput, sakapeung mah wanci magrib atawa isa kakara datang ka imah.
            Bral Bapa jeung Mang Daslam arindit. Kira wanci haneut moyan kakara nepi ka Pasir Uncal.
            Ti lebah dinya mimiti jalana rada rumpil ku saliara, mani kudu disingray-singraykeun.
            Bapa ngiclik wae nuturkeun pandeuri.
            Keur jongjon leumpang, bet aya nu ngagarapak tina rungkun, hiber kana tangkal saninten.
            Mang Daslam nagrandeg sakeudeung, nagdengekeun nu ngarapak tea.
            “Kasintu,” cenah, “cicing ulah obah!”
            Bapa cingogo; Mangdaslam masang bedilna, tuluy ngeceng  . . . . . . . .  Beledag! . . . . . . . . haseupna kaluar tina kucubung bedil.
            Garapak kasintu gagarapakan, gebut ragarag tina dahan kai. Beunang jangjjangna pisan jeung sukuna mani remuk.
            “Eh watir!” cek Bapa dina hate.
            Sanggeus kasintu diasupkeun kana endongna, tuluy neruskeun deui perjalanan.
            Ari nu dijugjug Pasir Angin, sabab aya tidinya tempatna uncal jeung mencek teh, cenah.
            Teu kanyahoan nyerelekna panon poe, ari Bapa tanggah kaluhur manahoreng geus tengah poe, Bapa geus ngarasa lapar jeung halabhab.
            Jog anjog ka sampalan nu jukutna ngemploh hejo.
            Bapa jeung mang Daslam tuluy reureuh handapeun tangkal gede,, brak bebekelan teh dibuka.
            Timbelna dipurak, deker dalahar nimat pisan.
            Deungeuna sambel muncang, tespong jeung seupan daun lejet.
            Laukna pindang beunang ngagoreng.
            Sabot keur jongjon dahar, aya nu ngorosak belah katuhu, aya opat puluh metermah anggangna ti tempat Bapa.
            Mang Daaslam nyokot bedilna, tuluy ngawas-ngawas kanu ngorosak tea.
            Bapa reg eureun daharna teh, milu ngadengekeun.
            Korosak deui, aya nu ngorosak, tetela sato rada gede.           Kira-kira aya satengah jam Bapa jeung Mang daslam gadedempes handapeun kai.
            Keur kitu torojol anak mecek sagede anak embe Mang Aja, nu umurna kira-kira aya tilu minggu mah.
            Mang Daslam geus menerkeun bedilna  rek ngeceng.
            Teu kungsi lila, jol deui norojol mencek nu gede,  indungna tayohna.
            Indung mnecek nyampeurkeun ka anakna, sarta tuluy disusuan. Geus kitu tuluy di letakan, semu nu pohara deudeuhna ka anak, bleh wae Ema keur ngusapan Ade.
            Mang Daslam ngadadak teu walakaya rek ngabebaskeun bedilna teh.
            Leungeuna semu ngadegdeg, blug bedilna ragrag.
            Panona rambisak pinuh ku cipanon.
            Ku Bapa ditanya lalaunan, naon sababna teu tulus ngabedilna. Teu nembalan ngan gogodeg bae.
            Lila pisan Bapa jeung Mang Daslam nenjokeun pamolah indung mencek jeung anak na teh.
            Geus kitu mah Daslam tuluy bae ngajak balik, sarta paromanana semu nu ngangres.
                        Dijalan manehna nyaritakeun pamajikanan anu geus maot, ningalkeun anakna nu umurna kira-kira dua taun.
            Pisakumahaeun teuing watirna lamun indung mencek atwa anakna di bedil.
            Ti harita Mang Daslam tara bebedil deui, malah bedilna oge sapuratina dijual ka tatanggana.”
            Aman jeung Isah tingharenghap. Cek Isah. “Karunya nya, upami teras dibedil. Meureun anak mencek teh teu bogaeun indung.”
            “Kumaha lamun Ema teu aya, nya Pa?” cek Ade, “meureun ade moal aya nu masihan artos.”

            “Mana oge, ulah sok ngarenghik, bisi Ema teu aya,” tembal apana.

Rabu, 08 Februari 2017

CARPON SUNDA TAMAN PAMEKAR | 30. HUJAN ANGIN

30. HUJAN ANGIN

            Dina hiji poe Aman kacida ngarasa lungsena datang ti sakola teh.
            Beungeutna beureum kawas nu di rerab bae. Awakna luut-leet kesang.
            Sorot panon poe karasana ku Aman beda ti sasari, harita mah panasna mani nongtoreng.
            Dangdaunan anu biasana ngemploh hejo katembomhna semu layu, sarta pinuh ku kekebul kawantu geus lila teu hujan.
            Sangggeus dadaharan, Aman, leos ka tepas hareup, goledag dina dipan bari ngahihidan awakna.
            Sihoreng lain jelema wae nu hareudangeun teh, dalah si Kukut jeung anak-anakna oge semu nu bayeungyang pisan, da buktina dahat-dohot bari elok-elokan neangan nu ieuh.
            Keur kitu jol Udi nyamperurkeun ka Aman bari ngomong, “Na aya panas pohara-pohara teuing, nya Man.”
            “Enya,” tembal Aman, “kuring mah teu kuat di baju-baju acan.”
            “Kawas poe kasedek, Man, mani teu aya angin,” omong Udi, bari ngagelehe milu ngagoler deukeut Aman.
            “Siga-siga rek hujan, Man, geura itu belah kidul mani mendung pihujaneun.”
            Aman cengkat, bari nenjo ka palebah nu ditunjuk ku Udi.
            “Enya bae Di, itu mega hideung mani nyuruwuk kitu majuna jeung itu buntut hujan mani ngulincir ka handap!”
            Teu lila sang Surya, nu tadina moncorong teh kalimpudan ku mega hideung, sarta reup angkeub.
            Hawa nu asalna panas nyongkab teh jadi tiis dibarengan ku angin ngahiliwir mani matak seger.
            Aman rap dibaju deui.
            Ti kajauhan kadenge sora guludug hawar-hawar, beuki lila beuki atra.
            Gurilap!........... beledag! Tarik pisan, dibarengan ku angin ngagelebug.
            Paralak hujan baradag.
            “Ah, rek balik Man, Ema bisi neangan,” cek Udi bari turun sarta berebet lumpat ka imahna.
            Hujan beuki lila beuki gede, di barung ku angin ngagelebug sarta gelap dordar.
            Isah jeung Ade norojol ti jero imah, nyampeurkeun ka Aman.
            “Eleuh hujan angin nya Man,” cek Isah, “tuh tangkal juar mani pepelenoyan, sieun peunggas wae Euceu mah, atawa rungkad.
            Hadena euweuh tatangkalan nu gede deukeut imah urang mah.”
            “Itu payung saha Cei Isah?” omong Aman bari nunjuk ka jalan.
            “Enya wae payung Siem katebak angin, mani gogoloncongan.” Bi Uti tukang rujak kanistren lumpat moro payungna bari gegeroan. “Payung kuring pangnewakeun!”
            Kawasna Bi Uti nincak logak nu rada jero, blug labuh, papakeana jibrug ku cileuncang.
            Jung nantung bari ngudag payungna.
            Barang geus katewak payungna, pok ngomong sorangan: “Teungteuingeun teuing hujan teh!”
            Barudak nu tiluan karunyaeun pisan ka Bi Uti; Isah ngageroan: “Bi Uti! Kadieu, ngiuhan tidieu!
            Teu lila hiuk deui angin tarik pisan, nyodok kana kenteng.
Borobot...........goprak..........! kenteng imah Mang Dira, aya puluhna nu katebak angin.
            Dahan kiambon jeung kihujan patingdorokdok pareunggas.
Gurilap!.......... . Beledag! Deukeut pisan kadengena teh.
“Astagfirullah!” cek Isah jeung Aman, bari nutupan ceulina, “beuneur gelap teh, kawasna beubeunangan.”
            Keur kitu aya nu ngagorowok, “Tangkal kalapa kahuruan!”...................
            “Sieun dibentar gelap! Sieun dibentar gelap!” omong barudak bari arasup ka jero imah.
Apana jeung Emana pahibut mener-menerkeun talang dapur, da bocor.
            Caina mani ngemplang sajeungkal deui hawu kakkeueum.
...................................................................................................................
            Teu lila hujan mimiti raat, sarta angin leler.
            Barang Aman nempo tina jandela ka jalan, Udi gugupay bari omongna: “Man, urang lalajo kalapa kabentar gelap, yu.”
            Aman turun di tuturkeun ku Ade, tuluy tiluan arindit ka kebon Pa Inan anu jauhna kira-kira aya 500 meter mah ti imah Aman.
            “Bejana gelap teh huntuan Di,” cek Aman.
            “Siga kumaha huntuna teh, Kang?” Ade nanya bari semu kaget.
            “Eta bae, cek mang Aja mah huntu gelap teh sok dipake paneker.”
            “Ah ade mah rek neangan huntuna, keur paneker Apa,” cek Ade
            Di pengkolan loba jelema nu keur ngaradekan dahan juar nu rungkad.
            Hadena bae teu ningan imah.
Keur kitu, Sulaeman batur sakelasna Aman nyampeurkeun bari ngomong; “Bejanamah Man, di sawah aya nu keur menerkeun cai, dibentar gelap, nepi ka tutung saluar awakna.
            Jeung di desa Cihanyir deuih, aya tangkal kalapa ninggang imah, malah nu ngeusiana oge katinggang.”
            “Karunya!” cek Aman.


Rabu, 01 Februari 2017

CARPON TAMAN PAMEKAR | 29. MEUNEURKEUN TALANG

29. MENEURKEUN TALANG


            “Aman, Aman, naha nya pancuran teh bet saat?” cek emana Aman.
            Aman lumpat nyampeurkeun emana.
            “Enya bae saat pancuran teh.”
            “Jig papay jeung Unus ka girang, bisi aya nu lesot tumbuna!”
            Aman jeung Unus pairing-iring mapay talang ka girang.
            Pancuran di tukangeun imah Aman teh caina beunang ngocorkeun ti sawah rada jauh oge.
            Ari talangna ku awi guluntungan beunang noblongkeun ruasna tuluy di sambung-sambungkeun.
            Dian sisi-sisi sambungana didedetan ku tapas, supaya ulah bocor.
            Lebah nu legok talang teh ditanggeuy ku kuda-kuda ngarah ulah ngemplad.
            “Unus, ulah leumpang mapay talang bisi beulah,” cek Aman.
           “Naha atuh make ngocorkeun cai tinu jauh, Ieu susukan deukeut, tur caina sakitu gedena,” cek Unus.
            “Hih ari Unus,” cek Aman,” ngocorkeun tinu jauh soteh, ngarah herang caina, Tuh gening cai susukan mah sakitu lecekna. Naha henteu geuleuh kukumah ku cai anu sakitu kotorna”?
            Sabot silih tempas kitu, ana seureuleu teh Unus tisoledat, blug labuh mani nangkuban.
            “Bangkongna luncat!” cek Aman bari seuri, “naha atuh nincak nu leueur!”
            Unus hudang bari jamedud, tuluy nyusut-nyusutkeun dampal leungeuna kana tangkal cau. Baju jeung calana baraseuh jeung kalotor.
            “Bedul teh make tisoledat!” cek Unus kukulutus sorangan.
            Teu jauh tidinya katembong cai ngagolontor bijil tina tumbu talang. Manahoreng tumbuna lesot.
            “Tah pigaweeun yeuh,” cek Aman, “paingan lesot, da kuda-kudana rubuh. Pek Nus uing nu ngangkat talangna, Unus nu menerkeun jodangna!”
            Aman mani enggah-enggeh ngajungjungkewun talang, Unus menerkeun jodangna nu ngagoler tea.
            Jodangna ditangtungkeun, sot talangna ku Mana dikeun kana jodang tea.
            Ana golontor teh caina meneran pisan ka Unus, atuh mani racucut.
            “Ah goreng milik yeuh, tapi.................. keun bae ambeh engke sore teu kudu mandi,” omongna teh.
           “Pek, Nus, ulah kapalang baseuh, tumbukeun kadinyah sakalian,” cek Aman.
            Prak talangteh ku Unus ditumbukeun, tuluy di sisi-sisina dijejelan ku tapas.
            “Cing urang teang ka sungapanana!” cek Unus.
            “Ah rek naon make terus ka girang pisan? Anggur urang balik deui bae, neang pancurana, geus ngocor atawa acan? Ongkoh Unus sakitu rancucutna!” tembal Aman.
            Teu lila emana gegeroan: “Ngocor ayaeuna mah, Man!”

            Aman jeung Unus pohara barungaheunana, dumeh pagaweanana teu gaplah.